21/07/2021
Gandasari buah ati, bacaan abdi sadaya
Buku pinuh ku papaés, pantes jadi patamanan
Taman warnaning kembang, kembang ganda kembang arum, matak hégar mamanahan.
Ngadalingding gandasari, seungitna ka mana-mana
Nyambuang sa-Jawa kulon, sumebar ka désa-désa
Sari panghudang rasa, gandana matak kayungyun, matak resmi mamanahan.
Gandasari kembang langka, rupina konéng laleutik
Nanging teu kinten seungitna, seungit leleb ngadalingding
Bubuhan kembang nyari, najan nembe ligar tilu, seungitna mah nyambuang
Meleber ka mana-mendi, sa-Pasundan kabagian sadayana.
------
GANDASARI: Buku Bacaan Sakola Sunda
Karangan R. Rg. Sastraatmadja, M. Soemawidjaja & Soeria Di Radja
Gambar ilustrasi: M. Beuning-Eland
Format buku: 14 x 21 cm
Tebal: viii + 470 halaman
Softcover; kertas bookpaper
Harga Preorder Rp 100.000